Jumat, 19 Agustus 2011

Wawangsalan


Jadi, apa itu wawangsalan?
Wawangsalan téh nyaéta sisindiran anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Dina sindir diwangun deui ku cangkang jeung wangsal. Anu dijieun wangsalna téh tara ditétélakeun, tapi kudu ditéangan tina bagian eusi. Wangsal téh sok murwakanti jeung salah sahiji kecap anu aya dina bagian eusi téa. Nilik kana wangunna, wawangsalan téh diwangun ku dua padalisan: sapadalisan sindir, sapadalisan deui eusi. Jumlah engang dina unggal padalisan nyaéta dalapan engang. (su.wikipedia.org)
Wawangsalan adalah semacam jenis sisindiran yang terdiri dari kulit dan isi. Sisindiran itu perkataan yang 'dibungkus' (hadooh diksinyaa), terkulum sehingga jadi tugas kita untuk membuka kulitnya dan menebak isinya. Yang disebut 'wangsal', dicari dan ditebak dari bagian isinya, yang biasanya berbunyi selaras dengan sebuah suku kata yang berada di bagian isi. Setiap baris hanya diisi dari delapan buah suku kata. Berikut berbagai macam wawangsalan yang telah saya temukan di situs http://opickumis.multiply.com/journal/item/24:




1. Abdi mah caruluk Arab
henteu tarima téh teuing = korma
2. Abdi téh sok ngembang kawung
inggis teu ngareunah teuing = pengis
3. Abdi téh kapiring leutik
kaisinan ku gamparan = pisin
4. Abdi ti ménak ka somah
gamparan mah ieu aing = umaing
5. Ajag désa basa Jawa
lesuna teu aya tanding = asu
6. Ajag lembur Indramayu
naha bet kalangsu teuing = asu
7. Ajag lembur lamun engkang
énjing henteu wangsul deui = anjing
8. Alun-alun paleuweungan
gagal temen mun teu jadi = tegal
9. Anak beurit dina katung
kapan endén mundut encit = buncit
10. Anak munding masih nyusu
aduh endén buah ati = énéng
11. Anu siram kokojayan
abdi pamoyokan badis = ngoyok
12. Angeun somah pakampungan
kajeun bedo ti kamari = bodo
13. Areuy leuweung mérang daun
ulah sok japilus galih = pulus
14. Aringgis sok nyatang bolang
kapongpongan siang wengi = lompong
15. Asal hiji jadi dua
temah matak sesah ati = walimah
16. Awi ngora téh jaradi
temah matak jadi liwung = iwung
17. Aya nu dianjang cai
aya nu dihéroan = séro
18. Aya mesin bisa ngapung
kapidara diri abdi kapal = udara
19. Ayeuna gé sérah tegal
engkang mah sok matak peurih = eurih
20. Baku sok ngalebu badag
reueus keur sareng jeung istri = areng
21. Balandongan ngujur jalan
sok hayang geura los indit = elos
22. Balé diréka masjid
nya pikir bati rumajug = tajug
23. Bangkong lodor meuntas jalan
titis tulis bagja awak = bayawak
24. Bango héjo hérang jangjang
piraku engkang ka abdi = merak
25. Bango leutik bodas hulu
mo samar ka diri abdi = camar
26. Baréto gé batur pirus
juragan geuning pelekik = akik
27. Batuk eungap hésé damang
saé sumping baé wengi = mengi
28. Béas ditutuan deui
iraha atuh patepung = tipung
29. Bedil langit handaruan
engkang sapertos kalinglap = gelap
30. Bedog urang Darmaraja
kawantu abdi mah miskin = sekin
31. Belut sisit saba darat
kapiraray siang wengi = oray
32. Bendi panjang roda opat
ulah kalah ka Carita = kareta
33. Béntang baranang di imah
samar bisa tepung deui = darma
34. Bedug wedalan Eropa
abdi teu asa dipuji = tanji
35. Beulit cinggir simpay réma
ulah lali ka sim abdi = ali
36. Beunying leutik sisi cai
ari ras sok cimataan = amismata
37. Beusi bodas cingcin kecrik
cumah baé dipicinta = timah
38. Biasa ngadodol gula
abdi henteu dipaduli = gulali
39. Bibika tipung tarigu
ku engkang tacan kaharti = roti
40. Buah kawung raranggeuyang
curuluk cisoca bijil = caruluk
41. Bulu panon wates taar
itu nyai mani geulis = halis
42. Cacangkir bahana beling
masing welas lahir batin = gelas
43. Cakcak gedé kadal bilik
ulah dipaké mokaha = toké
44. Careuh beureum pasawahan
nu dusun leuwih ti misti = lasun
45. Cariang beureum beutina
nya pikir bati arewuh =
46. Catetan bulan jeung taun
juragan ménak utami = almenak
47. Cau gedé ngan sasikat
taya teuing bagja diri cau = bagja
48. Cék lémék Jawa sumuhun
hayang téh ulah kapanggih = enggih
49. Cikur jangkung pamuraan
kapalay siang jeung wengi = panglay
50. Cisusu kentel dimasak
ulah téga-téga teuing = mantéga
51. Cucuk basa Malayuna
duriat henteu laksana = duri
52. Dadampar di pagulingan
alim ka nu kirang surti = kasur
53. Dagangan pangrapet surat
mun kitu abdi mah alim = lém
54. Daun kasap kosok méja
tobat ulah nolas teuing = hampelas
55. Daun tuhur na tangkalna
sok rus-ras ka nu teu aya = kararas
56. Désémber tangtu ditéma
geulisna lir widadari = Janwari
57. Deukeut-deukeut anak taleus
nyangkéwok teu kanyahoan = téwok
58. Di Cikajang aya gunung
asa paturay jasmani = Cikuray
59. Dodol gula digolongan
nu hina kaluli-luli = gulali
60. Dudukuy panjang gagangna
pikir bati ngalanglayung = payung
61. Dukun tukang ngemat héwan
abdi mah ku alim teuing = malim
62. Ékék lembut pupuntiran
tingsérédét kana ati = cécéndét
63. Enggeus ka palupuh nangtung
ayeuna geus kapimilik = balik
64. Engkang téh ngajukut laut
seger mun tepung jeung nyai = ager
65. Gagang caruluk karadak
pantes mun rék dinyenyeri = langari
66. Gamparan mah sangu atah
keur ménak kawuwuh sugih = gigih
67. Gedang atah keur lumayung
engkang mah jelema ginding = gumading
68. Gedong luhur panénjoan
narah keur saheulaanan = munara
69. Gedong ngambang di sagara
kapalang geus béla pati = kapal
70. Gedong ngambang tengah laut
ulah kapalang nya béla. = kapal
71. Gedong tempat nu titirah
ulah sok reueus binangkit = rumahsakit
72. Hayam cempa lalayaran
matak teuing nyeri ati = meri
73. Hayam sawah dipiara
abong kanu apes diri = meri
74. Hayam tukung saba gunung
uyuhan teuing nya diri = puyuh
75. Hiris ngora deungeun sangu
abdi mah kapok téh teuing = kapokan
76. Hui bulu réa akar
bongan sok rayungan teuing = kamayung
77. Imah leutik tempat ngaji
teu asa ngalanggar cegah = langgar
78. Imah ngambang di sagara
ulah kapalang nya bela = kapal
79. Indung kuar hama sirah
nu kitu ulah digugu = kutu
80. Insuting ngadaun luhur
ari ras ka diri abdi = kararas
81. Isuk basa Malayuna
tangtos abdi rék sayagi = pagi
82 Jagong tuhur beunang ngunun
dunungan bagéa sumping = emping
83 Jalaran bibit kalapa
isin da abdi mah santri = kitri
84 Jampana bugang dadakan
panasaran diri kuring = pasaran
85 Jati leutik jagong ngora
dodolog kirang utami = semi
86 Jawadah tutung biritna
sacarana-sacarana = cara
87 Jukut jangkung pipir gunung
haté abdi panas peurih = eurih
88. Kacang panjang disayuran
bati ngageremet ati = gemet
89. Kacang panjang gagabengan
sakieu darajat kuring = jaat
90. Kacang jangkung leutik daun
engkang mah satria raris = hiris
91. Kadal gedé saba darat
pareng alus bagja awak = bayawak
92. Kadeuleu langir caina
kayap-keyep anu geulis = keuyeup
93. Kalapa bakalan minyak
nu ampuh titis raspati = cipati
94. Kalong leutik saba gedang
sumedot rasaning ati = cocodot
95. Kararas daun kalapa
teu aya nu ngabangbrangkeun = barangbang
96. Kasintu di sisi situ
nu hayang kawanti-wanti =
97. Kauntun tipung katambang béas
laksana meunang ijasah = laksa
98. Kebon paré dicaian
siwah niat jalir jangji = sawah
99. Kembang biru di astana
abot pisah jeung kakasih = salasih
100. Kembang bodas buah bunder
ngaheruk nya pipikiran = jeruk
101. Kembang jambé kara beukah
kumayangyang pikir abdi = mayang
102. Kendang gedé pakauman
dagdigdug rasaning ati = bedug
103. Kertas kabur kaanginan
kumalayang pipikiran = langlayangan
104. Ketuk leutik panayagan
ka abdi mah ningnang teuing = bonang
105. Keuyeup gedé saba laut
teu hadé liar ti peuting = kapiting
106. Koja awi dihuaan
sageuy lamun teu kasorang = korang
107. Kokotor saluar awak
da sanés rek hiri dengki = daki
108. Kota kuloneun Lampegan
purah-purah tunggu bumi =
109. Kulit teuas tungtung ramo
baku osok nganyenyeri = kuku
110. Kuring mah kabedil langit
da puguh matak kalinglap = gelap
111. Kuring téh kamenyan konéng
rumaos kawiwirangan =
112. Kutu baju kuar sinjang
moal weléh tumarima = tuma
113. Lahang abri dibotolan
ningal anu suka galih = cuka
114. Laleur hideung panyeureudan
ngilari sakolong langit = reungit
115. Lampu leutik tengah imah
abdi samar méré idin = damar
116. Lamun kapalupuh nangtung
lamun jadi kapimilik = bilik
117. Lancah cai di walungan
engkang teu émut ka abdi = engkang-engkang
118. Langgir cai leumpang ngijing
kadeuleu kayap-keyepna = keuyeup
119. Lauk panjang dina parung
ari émut merod pikir = berod
120. Lauk rebing saba laut
karikari jalir jangji = pari
121. Manuk apung saba eurih
haté asa didudutan = dudut
122. Manuk hawuk beureum suku
katingal keur imut leutik = galatik
123. Manuk lindeuk di buruan
kuring bati panas ati = japati
124. Manuk lisung anu jalu
dagoan di pasampangan = jago
125. Manuk renggé saba ulam
hayang tepi ka ngajadi = caladi
126. Manuk tukung saba gunung
uyuhan daék ka abdi = puyuh
127. Maung tutul saba kasur
diri teu ngareunah cicing = ucing
128. Méga beureum surupna geus burit
ngalanglayun panas pipikiran = layung
129. Melak bangsal di kotakan
wayahna dék sabar diri = nebar
130. Mencek leutik saba alas
abdi daék ngaréncangan = peucang
131. Meri pendék ngojay hayam
henteu négtog pikir abdi = éntog
132. Monyét hideung sisi leuweung
susah nu taya tungtungna = lutung
133. Mun inget mangsi Malayu
anjeun téh cinta ka kuring = tinta
134. Mun jagan kadadar tipung
upami kagungan rabi = surabi
135. Nganyam bola jadi lawon
peupeujeuh kudu sing junun = ninun
136. Nu dahar taya sésana
ngan asa dipoyok badis = ledis
137. Nu gering geus rampus dahar
kuring mah mo payu deui = mamayu
138. Nu nutu miceun huutna
Mun awon moal ditampi = napi
139. Nya buah ngacung ka luhur
kuring mah sok panas ati = ganas
140. Nya hujan taya eureuna
abdi mah kalangkung ajrih = ngijih
141. Nyeupan sangu tacan timus
teu sanggup manggihan deui = gigih
142. Nyiar paré tutukeuran
teu pantes hayang ka abdi = nguyang
143. Nyiru gedé wadah bangsal
anjeun mah nsok sindir sampir = tampir
144. Nyiruan genténg cangkéngna
masing mindeng pulang anting = papanting
145. Pangcalikan tonggong kuda
kudu satia buméla = sela
146. Paparem ngawurah ketan
mokaha atuh da wargi = ragi
147. Paribasa petis Cina
hayang nepi ka cacapna = kécap
148. Péso pangot ninggang lontar
acan katuliskeun diri = nulis
149. Péso patok kewung tungtung
hayang kapiajang teuing = rejang
150. Péso raut Cibarusa
sugan welas ka nu miskin = sekin
151. Pileuleuyan kebo gunung
ngadadak tineung nya pikir = badak
152. Piunjuk duméh rék wangsul
sanés abdi rék cilimit = pamit
153. Puguh mah ubar muriang
nu hina leuwih ti misti = Kina
154. Puter putih saba lembur
kuring seja béla pati = japati
155. Ranté ngait kana baju
Memang geus cumantél ati = cantél
156. Salendro di papanggungan
ngomong kalepasan teuing = koromong
157. Sanggal hideung saba ranca
témbong léléwa nu manis = lélé
158. Sangrayan peupeus meueusan
ulah jadi rengat galih = rengat
159. Santri miskin geus maréman
tangtu tiis pikir abdi = pikir
160. Sapikul katian Cina
malah kumplit sareng cingcin = dacin
161. Séndok batok digagangan
geus lawas abdi ngalayung = gayung
162. Séréh leuweung turub saung
haté abdi panas peurih = eurih
163. Situ bendung di Citarum
gulang-guling ngan sorangan = Saguling
164. Sok rajeun ngabuah kawung
curuluk cisoca bijil = curuluk
165. Tegal tengah nagara
laun-laun sugan hasil = alun-alun
166. Teu beunang dihurang sawah
teu beunang dipikameumeut = simeut
167. Teu beunang dipiring leutik
teu beunang dipikaisin = pisin
168. Teu beunang diopak kembung
teu beunang dientong-entong = kolontong
169. Teu beunang dirangkong kolong
teu beunang dipikahayang = hayam
170. teu beunang disihung tipung
teu beunang dipapagonan = sasagon
171. teu beunang disitu lembur
teu beunang diulah-ulah = kulah
172. Teu beunang disupa dulang
teu beunang dibébénjokeun = kéjo
173. Teu beunang ditihang pondok
teu beunang dideudeuleukeun = deudeul
174. Teu beunang ditiwu leuweung
Teu beunang dipikasono = kaso
175. Teu beunang diwaru leuweung
Teu beunang diboro-boro = bisoro
176. Teu puguh monyét hideungna
teu puguh tungtungna = lutung
177. Tepi ka kélor héjona
tepi ka antukna = katuk
178. Ulah sok kapiring leutik
ulah sok kaisinan = pisin
179. Wadah minyak tiana beling
jadi budak kudu getol = botol
180. Walanda hideung soldadu
umambon engkang ka nyai urang = Ambon
181. Warisan sekin pusaka
haturan nyai pribadi = badi


*bahkan saya sendiri ngga ngerti keseluruhan dari kata-kata ini =="
Fungsinya buat apa? ya buat nyindir, maksudnya biar nyebut sesuatu diperhalus ya pake wawangsalan ini. Biasanya dipake buat perumpamaan gitu. Wawangsalan ini biasa muncul 1) waktu ujian dan 2) waktu lagi ada yang pidato. Selebihnya saya ngga tahu hehe.


2 komentar:

Unknown on 15 Januari 2016 pukul 05.19 mengatakan...

Hello kanca LAN kulawarga, mangga sisindiran arep kabeh kanggo bajra-bajra banget ing internet. sisindiran bakal saran sampeyan ora kanggo aplikasi kanggo silihan ing amarga internet ora kabeh kadu sing nyata, lagi scam, padha bakal takon sampeyan ngirim dhuwit kanggo Pendaftaran, transfer, asuransi biaya LAN penggawéku, kowé ora bakal njaluk etangan Panjenengan, lagi kabeh maling. i wis Waluya korban 3 tukang kredit silihan beda kene i ngirim jumlah ngrangkul dhuwit amarga sisindiran pancene pengin njaluk silihan iki LAN sisindiran dipercaya minangka pisanan, nanging sisindiran ora bisa njaluk silihan Saka kadu-kadu mau. Mangga sampeyan Kudu bajra-bajra banget supaya sampeyan ora bisa diapusi kaya kula, yen sampeyan pengin nemen kanggo aplikasi ing internet, mung ana siji lender silihan i kang dipercaya Dadi luwih amarga sawise sisindiran nampa sawetara panggonan LAN sisindiran iki diapusi, i supaya akeh Waluya loro amarga sisindiran duwe persil Saka utang mbayar, supaya kanca ing kantor mbantu kula metu nelusuri lender silihan nyata LAN Sah LAN Kita ketemu lender etangan Esther Jones, LAN Kita Applied ing dheweke tenan, supaya Sandi kanca ana siji nyanyi mbantu sisindiran turuti kabeh aturan LAN angger -angger LAN kanggo Gusti Allah Dadi kamulyan tak silihan Saka tenan bab 422 yuta. supaya yen sampeyan perlu silihan sampeyan Kudu hubungi Esther Jones LAN tindakake aturan LAN angger-angger LAN i njamin yen sampeyan bakal njaluk Waluya silihan kurang Saka 24 jam, sampeyan bisa tekan dheweke ing email dheweke ing estherjones.lenders@gmail.com.

Sampeyan isih bisa hubungi kula Waluya mail ing yulia.suryanto@gmail.com

Dr Purva Pius on 25 Juli 2016 pukul 13.51 mengatakan...

Hello Everybody,
My name is Mrs Sharon Sim. I live in Singapore and i am a happy woman today? and i told my self that any lender that rescue my family from our poor situation, i will refer any person that is looking for loan to him, he gave me happiness to me and my family, i was in need of a loan of S$250,000.00 to start my life all over as i am a single mother with 3 kids I met this honest and GOD fearing man loan lender that help me with a loan of S$250,000.00 SG. Dollar, he is a GOD fearing man, if you are in need of loan and you will pay back the loan please contact him tell him that is Mrs Sharon, that refer you to him. contact Dr Purva Pius,via email:(urgentloan22@gmail.com) Thank you.

BORROWERS APPLICATION DETAILS


1. Name Of Applicant in Full:……..
2. Telephone Numbers:……….
3. Address and Location:…….
4. Amount in request………..
5. Repayment Period:………..
6. Purpose Of Loan………….
7. country…………………
8. phone…………………..
9. occupation………………
10.age/sex…………………
11.Monthly Income…………..
12.Email……………..

Regards.
Managements
Email Kindly Contact: urgentloan22@gmail.com

Posting Komentar

girl's stuff

bagja kana Sunda

Taujih

 

Titik Senyap Copyright © 2008 Green Scrapbook Diary Designed by Buy Engagement Rings | Infidelity in Marriage by Blogger Templates